-->

Jumat, 15 Oktober 2010

DONGENG SUNDA

Boga Bapa

Si Tedi ceurik sabab pada ngaheureuyan ku babaturanana. Tuluy bebeja ka indungna.
Tedi: “Maaah…mamaaah ceuk babaturan, majarkeun Tedi teu boga bapa!”
Mamah: “Ceuk saha? Gagabah nyacapek teh siah! Keun, ku Mamah urang carekan!” (Tuluy nyampeurkeun babaturan Si Tedi).
“Nyacapek teh sangeunahna siah. Yeuh, bapa Si Tedi mah bisi teu nyaraho, aya opat! Kadenge teu?”

Papatah Indung Hayam

“Anaking, kahade maraneh mah laku teh ulah jiga Bapa maneh, kabogohna loba. Ema keur ngendog wae, Bapa maneh mah wani nyeleweng. Komo basa Ema keur nyileungleum, cus-cos we ka ditu ka dieu.” Ceuk indung hayam ka anak-anakna.
“Boa Ema ge sok salingkuh,” ceuk anak hayam nu cikal.
“Ih, da eta mah teu dihaja,” tembalna bari ngabelehem. (Lain, ari ngabelehem hayam kumaha nya?)

Angin Ribut

Udin: “Di Rancah kamari aya angin ribut, tatangkalan ge loba nu rungkad.”
Dede: “Jeung saha cenah ributna angin teh?”
Udin: ???

Kudu Pindah

Pemburu Hantu: “Aduh kumaha nya …, geuning jurig teh alim ngalih ti ieu bumi.”
Nu boga imah: “Teras kedah kumaha abdi sakulawarga?”
Pemburu Hantu: “Wayahna we ngelehan. Bapa sakulawarga nu kedah ngalih ti ieu bumi.”
Nu boga imah: ???

Keur Ngabuburit

Nini: “Sujang, ari Si Aki ka mana?”
Incu: “Tadi mah keur ngabuburit di alun-alun”
Nini: “Lah, panas poe kieu atrok-atrokan, kumaha lamun kalenger!”
Incu: “Da teu dinu panas Si Aki mah, ti tadi oge di tukang sirop. Malahan mah lamun Si Nini nanyakeun, ulah di bejakeun keur nyirop cenah.”

Banci

Sore-sore aya hiji banci ngamen ka imah Si kabayan mawa kekecrek, bari gogorowokan nyanyi lagu “Bang Toyib”. Samemeh mikeun duit receh Si Kabayan pangangguran nanya heula. “ke..ke, rek nanya heula. Ari didinya teh lalaki atawa awewe?”
“Komplit!” Jawab Si Banci bari ngarebut duit receh na leungeun Si Kabayan.

Maneh

Ibu Guru: “Unggal dinten kelas sareng pakarangan kedah diberesihan ku maneh. Kadangu henteu, diberesihan ku saha?”
Murid: “Ku maneeeeeehhhhh….!”
Ibu Guru ngahuleng.

Ngimpi Aneh

Napi: “Tadi peuting kuring ngimpi ulin ka Bandung.”
Kucrit: “Oh, pantesan atuh ari kitu mah.”
Napi: “Maksud maneh?”
Kucrit: “Tadi peuting basa kuring ngimpi rek nyampeur sakola, manehna euweuh.”
Napi: “Dasar…!”

Mending Mayar

Kang Amad: “Bu Dokter, upami dicabut waos sabaraha ongkosna?”
Dokter: “Hiji mah wioslah 25 rebu.”
Kang Amad: “Janten upami dicabutna dua mah janten 50 rebu nya?”
Okter: “Upami dua mah tiasa langkung mirah. Pokona langkung seueur langkung mirah, malah tiasa haratis.”
Kang Ahmad: “Maksad Bu Dokter?”
Dokter: “Muhun mun dicabutna sadayana, bade nu ungger, bade nu nuju nyeri atanapi nu teu ku nanaon pageuh keneh, tiasa haratis.”
Kang Ahmad: “Tobat…!” Meding keneh mayar we ah

1 komentar:

  1. Dina hiji mangsa aya tukang sol sapatu anu can meunang keneh piduiteun. Padahal, manehna geus ngurilingan desa2 sakecamatan.
    Bakating ku cape, manehna tuluy ngaso di handapeun tangkal pete.
    Keur kitu, ojol2 aya awewe ngadeukeutan bari ngajingjing sapatuna.
    Teu lila, awewe tadi nyogrogkeun sapatuna ka tukang sol bari nyarita, 'Mang, tiasa ngahakan sapatu abdi?'
    Ditanya kitu, si tukang sol ngadadak ambek. Manehna langsung indit bari nyarita ka awewe tadi, 'Lebok we ku sia!'
    Si awewena binun....maksud awewe mah kancing hak da....tukang sol na ue keur nararafsu.....

    BalasHapus