-->

Senin, 27 Desember 2010

nGaLucu 1

hiji waktu, atang papendak sareng bapa2 anu nuju ngangon Mbe,
atang nanya ka bapa eta,

atang : "Pa, punten, kenging tumaros?"
si bapa : "mangga.."

atang : "mbe2 bapa meni seueur sareng lalintuh, dipasihan tuangna naon pa?"
si bapa : "nu mana heula, nu hideung atawa nu bodas..?"
atang : "mmmm ...nu hideung heula lah pa...."
si bapa : "oh, mun nu hideung tuangna jukut baseuh"
atang : "ohh...mun nu bodas?"
si bapa : "nu bodas oge sami...."

atang : "hmmm...mbe2 ieu dina sadinten kuat mapah sabaraha kilo pa?"
si bapa : "nu mana heula yeuh, nu hideung atawa nu bodas?"
atang : "mmmm nu hideung lah...."
si bapa : "oh, mun nu hideung mah , aya kana 5 kilo sadinten"
atang : "upami nu bodas?"
si bapa : "nu bodas oge sami..."

Si atang rada keuheul....

atang : "mbe2 ieu upami di ical kira2 sabarah hijina pa??"
si bapa : "nu mana heula ? nu hideung atawa nu bodas??"
atang : "(bari keuheul) nu hideung!"
si bapa : "oh, mun nu hideung rada awis, aya kana 500rebu..."
atang : "mun nu bodas...??!"
si bapa : "nu bodas oge sami..."

atang : " TERAS UPAMI TEU AYA BEDANA JANG NAON DIBEDA2KEUN????????????"
si bapa : "oh, kieu cep, upami nu hideung mah, eta gaduhna bapa........"
atang : "oh kitu, hapunten atuh pa, abdi tadi rada emosi...naaaah, upami nu bodas kumaha?"
si bapa : "nu bodas oge sami...."

atang : "koplok!"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar